Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana
ngahiang: Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka
ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu
hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun
hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa
ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu
anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal
ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu
somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah
kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka
beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah
wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung
dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur.
Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya
babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna,
turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut
salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa.
Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora
tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di
Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura
narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal
kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana
bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan.
Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu
anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu
perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu
sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal
kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang.
Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu
ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku
lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku
wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit
dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti
ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir!
Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih
deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba
nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang
ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu
ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri.
Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun,
kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain
kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul.
Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian
disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah
jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun.
Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang
jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna
nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi
mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di
dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon
ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja
dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan
narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir,
tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah
loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala!
Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya
gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan;
tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur;
laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi
seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku
monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku
monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét.
Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet
bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba
nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong,
sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus
ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra
megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu
mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk.
Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh
teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh.
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung
tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa;
ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung
disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda
tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi,
kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja.
Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh
titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui
jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong
bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di
urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan
jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu
beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran
di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta
duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong
eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani
ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan.
Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah
berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan;
da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé
sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana
aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina
ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén
kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho.
Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan.
Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina
pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana
ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran
didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi
gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup
mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman
manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing
nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun.
Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana?
Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur
laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan
nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut?
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta
bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi
kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu
meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel
gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di
birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum
ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta
tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung
budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun!
Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu,
disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda
disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara
sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu
sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang...!
0 komentar :
Posting Komentar
Haturnuhun ka nu parantos nyumpingan blog sim kuring. Atuh anu bade masihan komentaran, sumangga wae kintunken. Mung emut, ulah anu jorang, kasar, atawa anu matak pipaseaeun kolot nya..?.