Bahasa menunjukkan bangsa dan jati diri. Di negara yang kita cintai Indonesia ini selain bahasa resminya bahasa Indonesia, juga diperkaya dengan bahasa-bahasa daerah yang tersebar di Nusantara ini. Berikut bahasa yang sangat indah untuk menyampaikan ucapan selamat pada acara atau hari tertentu. Contoh ucapan selamat lebaran menggunakan bahasa Sunda (kumargi abdimah asli ti Sunda) bisa dilihat berikut ini. Silahkan bagi yang berminat untuk digunakan dan dsebar luaskan sesuai pilihan.
Ucapan Lebaran Idul Fitri menggunakan bahasa Sunda;
Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur,
laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh
barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang
mapag 1 Syawal 1434 H ku kabungahan tur kaikhlasan.
Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar
akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina
sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu
minnawmnkum,taqobalahuyakarim.
Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung
rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur
lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi
luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran shiam 1434 H. Taqobalallohu
mina waminkum shiamana washiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun
panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng
batin. wilujeng boboran shiam.
Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun
panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng
batin. wilujeng boboran shiam.
Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur, ligar manah
ku kaikhlasan, tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis
catur teu kaukur, lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran
shiam 1434H
Wilujeng boboran shiam 1434 H. Minal aidin wal faizin. Mugi
barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas
sasih anu bakal karandapan.
Taya
basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna
ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.
Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah
ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya
kalepatan.wilujeng boboran.
Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada
bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri
nembongan. Neda sihapunten
Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang.
hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an
urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin
Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1434 H, bilih
kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku
pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku
nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1434 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung
cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng
boboran shiam
Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon
carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran shiam
Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu
fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun
Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema
takbir nu agung dipungkas kutali
silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran
shiam 1434 H
Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi
disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih
hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqqobalallahu minna wa
minkum, Shiyamana wa shiyamakum
Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng
boboran shiam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci,
mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran
Boboran Shiam 1434 H.
Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit
malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang.
Wilujeng boboran shiam 1434 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa
shiyamakum.
Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya
jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring
Idul Fitri..... wilujeng boboran shiam 1434 H. Hapunten samudaya kalepatan.
Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1434 H, bilih
kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku
pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati,
karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura
tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1434 H. Hapunten samudaya
kalepatan.
Bilih aya langkung saur bahe carek, Kaciwit kulit kabawa
daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut
pangampura, Wilujeung boboran shiam 1434 H
Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah,
Wilujeng boboran shiam 1434H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.
Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeuri peurihna ati
sanubari, mugia lubar ku silaturahmi, Wilujeng boboran shiam 1434 H.
Taqobalallahu minaa waminkum.
Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan,
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya
kalepatan
Wilujeng Boboran Shiam 1434 H
Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun,
ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya
kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong
omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu
tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun
Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1434 H
Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran shiam
Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya
kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum shiamana wa shiamakum”
Wilujeng Boboran Shiam.
Cag..mung semét dieu heula anu tiasa kapidangkeun ku sim kuring..seueur saalitna mudah-mudahan tiasa manfaat sareng kaanggé ku saha baé anu nuju meryogikeun...
Wassalam.
Dedi & Nova
0 komentar :
Posting Komentar
Haturnuhun ka nu parantos nyumpingan blog sim kuring. Atuh anu bade masihan komentaran, sumangga wae kintunken. Mung emut, ulah anu jorang, kasar, atawa anu matak pipaseaeun kolot nya..?.