Home » , , » Do'a saacan dahar

Do'a saacan dahar

Dina hiji mangsa Paninggaran teh papisah jeung baturna, nepi ka lebah sayang maung. Manehna reuwas nenjo sihung maung anu rangeteng, nepikeun ka awaknna oge ngadegdeg.

Paninggaran : “Cilaka…” manehna ngareret ka Maung nu katingali nangtung sarta ngangkat kadua leungeunna. “Naha maung teh lain ngakan aing kalahka ngangkat leungeunna kaluhur?”
Maung : “Aing ngangkat leungeun soteh keur ngadoa samemeh dahar….”
Ngadenge kitu geuntak Paninggaran sila, bari sarua ngangkat leungeun kaluhur siga Maung. Maung ngareret sarta colohok, tuluy nanya.
Maung : “Ari maneh naha ngadoa naon?”
Paninggaran : “Dewek mapatkeun doa meuncit maung.”
Maung: “Jadol! Cilaka aya jalma nekad kieu…(maung cengkat bari kukulutus ninggalkeun eta Paninggaran)….lamun enya teh aing dipeuncit kumaha anak pamajikan…iy…amit…amit!!!”

0 komentar :

Posting Komentar

Haturnuhun ka nu parantos nyumpingan blog sim kuring. Atuh anu bade masihan komentaran, sumangga wae kintunken. Mung emut, ulah anu jorang, kasar, atawa anu matak pipaseaeun kolot nya..?.